16 September 2008

TEUING

Karasa tiis hiliwirna angin peuting
Nambih sepi suasana peuting
Kuring cicing bari jeung teu eling
Naha ati kuring teu bisa cicing
Dipkir – pikir ati kuring tetep teu eling
Lami – lami sirah kuring tambih pusing
Lantaran lila teuing cicing
Sieun jadi langlang lingling
Leuwih hade kuring ngahariring
Bari diuk handapaeun tangkal puring
Alhamdulillah ati kuring rada mending
Nu tadina rada teu eling
Beuki dieu beuki peuting
Teu karasa geus jam dua beulas peuting
Tibatan asup angin ku hiliwirna angina peuting
Mending cicing nangkeup guguling bari diharudung samping
Persis jiga jelema nu keur gearing
Duh Gusti kunaon ati kuring teu bisa cicing
Kukurilingan jiga baling baling
Teu kungsi lila lantaran lila teuing cicing
Kuring jadi teu eling dugi ka enjing
Eling – eling kuring ka geuing kusora piring nu kadupak ucing
Naha atuh ari kuring lilir enjing – enjing ti teu eling sapeupeuting
Kuring karak eling sihoreng kuring mikiran teuing silaing
Nu rek nyanding jeung lalaki suing
Teungteuingeun teuing ari indung bapa silaing ka kuring

06 September 2008

Cocobi

Meuli Bubur di parapatan
Munding bule nu kang Anda
Hayu Dulur urang ngawitan
Ngamumule bahasa Sunda

Si Restu lain si Asa
Dua nana lahir di sukabumi
Nawaetu urang puasa
Ibadah ka Gusti Nu Maha Suci

Cika – cika gelang bahar
Sarena sisi bale
Cita cita hayang benghar
Gawena cicing bae

Sisi kulah loba beunteur
Didodoho manuk tikukur
Ulah hayang jadi jelema pinter
Pinterna ngabobodo batur

Leuwih ngeunah miara sapi
Diangon disisi sumur
Mending jadi jelema ngarti
Insya Allah moal ngarugeulkeun batur

02 September 2008

Bubuka

Sanajan urang hirup atawa ngumbara di lembur batur teuteup bahasa sunda teh bahasa nenek moyang urang,mangkana urang Tonk Hilap malahan mah satungtung urang hirup di dunya teteup kudu mikacinta
Ulah nyontoan si Jai,kakarak oge manggih roti hiji kitu deui pamere bibina nu ngaran si siti eta mah meni saruana pisan bibi jeung alo kakarak oge balik ti Batawi can lami majar maneh “Aku sudah lupa Naon itu apa sih ?
Urang mah ulah kitu – kitu teuing dulur,meureun matak kitu oge si jai jeung si siti geus katindihan ku rasa gengsi,amit – amit utun inyji,padahal mun dipikir, urang mah mending keneh hirup di kampung tapi ngota dari pada hirup di kota tapi kampungan.
Sakitu heula dulur etang – etang bubuka di blog ieu.Mugi tiasa ngahapunteun bahasa na acak kadut alias pabeulit,acak – acakan sareung kirang merenah,dimaklum we sanes ahlina.
Teu aya leupatna sakanteunan ngalangkung,kaleureusan ayeuna nuju ngarandapan sasih Ramadhan sasih nu pinuh ku cahaya,wilujeung ngalaksanakeun saum Ramadhan mugi tiasa ditampi sadaya ibadah urang ku Gustu Nu Maha Suci.Amiin.